Kamis, 16 April 2015

Contoh Biantara “Kalungguhan Paranonoman dina Kahirupan”



Assalamualaikumwr.wb.

Ibu Guru anu ku sim kuring di pihoarmat, oge rerencangan anu ku abdi dipikacinta. Langkung ti payun hayu urang sasarengan nyaanggakeun puji kalih syukur ka dat anu Maha Kawasa Gusti Alloh Azawazala, dat anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya. Kalayan dinawangkid ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung paamprok jonghok dina acara mgamumule poe kamerdekaan, kalayan aya dina ginanjar kawilujengan.
Solawat sinareng salam mugia salalmina ngocor ka Jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Oge ka para kulawargina, ka para sohabatna, kalayan pamugi aya leleberanana kanggo urang sadayana, anu ngagem ajaran Mantenna. Amin

Dinabiantara ieu sim kuring bade ngabantun jejer “Kalungguhan Paranonoman dina Kahirupan”
Upami urang nyawang mangsa ka tukang. Sok kagagas, kumaha prihatinna sepuh-sepuh urang sadaya nu karandapan waktu harita, nalika aranjeunna bajoang pikeunnyinglarkeun kaum penjajah. Aranjeunna cul anak, cul pamajikan, cul harta banda, saged bari teuneung, ludeung, teu gimir muru ka medan perang. Niatna gilig seja ngabela nagara, teu sudi lamun nagara diranjah deungeun. Aranjeunna dina ngabela nagara estuning taya pambrih.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Kiwari kuurang karaos genah jeung betah tumaninah hirup tanpa nungarongrong nyatana kasarakahan kaom penjajah. Ieu teh saestuna mangrupa parjoangan sepuh urang nuhirupna leuwih ti heula. Ayeuna aranjeunna tos taya dikieuna.
Ayeuna uranggeus merdeka. Tapi,  merdeka lain hartina urang tenang-tenang, hare-hare, cicing taya guam, taya gadag. Ulah boga rasa mokaha, ulah pedah urang geus bebas tina kungkungan kaum penjajah. Urang sarerea salaku nonoman tinangtu boga kabeungbeurat dina ngeusian kamerdekaan. Urang kudu bisa ngeusian ku rupa-rupa pangwangunan dina sagala widang.
Tapi omat ulah rek salah harti. Dina ngeusian kamerdekaan ieu lain hartina para nonoman kudu iilueun nyoren bedil, nyorendang granat. Nya kitu deui, lain kudu ngeukeuweuk tumbak pikeun ngajaga panarajang  deungeun nu rek ngaranjah nagara urang.
Dinapangwangunan, lain hartina urang kudu iilueun ngawangun sakola, ngawangun madrasah, ngawangun puskesmas.

Urangsarerea paranonoman salaku pelajar tinangtu boga kawajiban anu luyu jeungkalungguhan urang sarerea salaku pelajar. Urang salaku pelajar teu kudu milu nyoren bedil, tapi ku cara ngajenan para pajoang nuparantos ngantunkeun urang, anu ayeuna geus taya dikieuna. Ku cara kitu ceuk pikir sim kuring, sala sahiji sipat bangsa nu boga rasa tanggung jawab. Dinapangwangunan, urang salaku pelajar teu kudu milu ngawangun sakola, madrasah jste. Jadi siswa nu bisa nempatkeun jadi siswa anu miboga pekerti anu luhur,eta oge nurutkeun pikir sim kuring, kaasup nonoman anu boga kriteria nu hade.
Lian tiditataan di luhur dipiharep urang salaku siswa sing bisa jadi siswa anu taat.Taat ka nu nyiptakeun, patuh ka bapa ibu guru, hormat ka indung bapa, silih ajenan jeung sasama, nyaah ka sahandapeun. Ku cara kitu urang geus bisa nempatkeun sabagian kalungguhan urang salaku nonoman dina kahirupan.
Ku gambaran di luhur, urang bisa nyindekkeun geuning kalungguhan urang teh teu saeutik.Tugas paranonoman dina kahirupan  the geuning teu gampang. Atuh kukituna Sim kuring umajak ka para nonoman. Hayu urang ciptakeun nonoman anu cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer malahmandar urang jaga bisa ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara kalayan daria. Nu dipambrih bisa nyiptakeun masarakat anu sejahtera, rukun sauyunan ,repeh-rapih, adil palamatra.

Pamungkas pihatur, hapunten bilih aya catur nu teu kaukur, aya basa anu teu kareka.
Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda dihanjuang siang.
Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan.
Bilahitaupik wal hidayah. Wassalamualaikum wr.wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar